Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

DRAMA SUNDA

DRAMA SUNDA

Dumasar wangunna sastra kabagi jadi tilu nya éta:

1)      Prosa, basa nu digunakeunna umumna basa lancaran

2)      Puisi, basa nu digunakeunna umumna basa ugeran

3)      Drama, basa nu digunakeunna umumna kalimah langsung dina wangun paguneman

Istilah drama asalna tina basa yunani nya éta draomai hartina berbuat, berlaku, bertindak, atau beraksi. Nalika mimiti muncul dina kasenian Indonesia drama disebut toneel. Istilah éta dibawa ku urang walanda, dina basa Walanda drama téh toneel nu hartina pintonan. Istilah toneel ditarjamahkeun ku PKG Mangkunegara VII jadi Sandiwara. Sandiwara asalan tna basa Jawa, sandi hartina symbol atawa rusiah, wara/ warah miboga harti pangajaran. Jadi sacara etimologis mah sandiwara téh pangajaran tina symbol-simbol nu sipatna rahasiah. Aya deui istilah séjénna nu padeukeut jeung drama nya éta teater. Teater asalna tina kecap theatron nu hartina tempat pintonan/panggung. Istilah teater ogé digunakeun pikeun nyebut drama modern.

Drama téh kasenian nu mindocipta maksudna aya dua kali prosés. Kahiji ayana nasakah drama, kadua éta naskah téh dipintonkeun. Nu ngalaksanakeun pintonan drama téh actor/aktris/palaku nu baris merankeun karakter nu aya dina drama, hartina maranéhna ngalakukeun acting. Kusabab ngalakukeun acting tangtu mikabutuh dialog/paguneman, ari dialog téh wangunna kalimah langsung.

Unsure-unsur nu aya dina drama nya éta:

1. Babak

Babak dina drama biasana ditandan ku setting tempat. Hartina mun ganti setting éta tandana ganti babak

2. Adegan

Adegan mangrupa bagian babak biasana nu ditandaan ku nambahan jeung ngurangan palaku

3. Dialog/paguneman

Dialog mangrupa bagian utama drama

4. Pituduh teknis

Pituduh teknis nya éta pituduh laku lampah palaku sarta ngagmbarkeun kaayaan dina carita

5. Prolog

Prolog nya éta bubuka panganteur kana eusi drama

6. Epilog

Epilog mangrupa panutup drama eusina biasa kacindekan atawa amanat, henteu tiap drama aya epilog.

7. Solilokui

Solilokui mangrpa bagian carita eosin apaguneman nu dikedalkeun ku palaku ka diria sorangan

8. Tema

Tema nya éta puseur carita nu ngajiwaan sakabéh eusi carita

9. Galur carita

Galur ny éta runtuyan kajadian dina drama

10. Latar/setting

Eusina tempat, waktu, jeung suasana

11. Palaku

12. Amanat

Hal-hal nu rék ditepikeun ku pangarang mangrupa ajén-ajén moral

Sumber:

http://Wikipedia.org

Thamsyah, Budi rahayu. 1996. Pangajaran Sastra Sunda

http://www.plnsumut.co.id/SMF-15/index.php?topic=1341.0

http://kelasmayaku.wordpress.com/2011/04/24/menyusun-naskah-drama/

8 Februari 2012 - Posted by | Basa Sunda |

2 Komentar »

  1. salam wanoh…

    Komentar oleh Anggi | 27 April 2012 | Balas


Tinggalkan komentar