Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

GAYA BASA SUNDA

bilih peryogi, tiasa didownload dina link di handap

GAYA BASA

Iklan

30 April 2012 Posted by | Basa Sunda | 7 Komentar

CARITA WAYANG

Déwi Setiawati, putra raja ti Wirata. Mangsa yuswana manjing rumaja, anjeunna kapaksa ngantunkeun nagara, pédah isin ngagaduhan salira bénten ti nu sanés, bau salirana. Nya anjeunna tatapa nu lami kacida. Nuju tatapa anjeunna kasumpingan ku hiji bagawan nu tiasa ngalandongan dirina, ahirna Setiawati damang. Minangka pamulang tarima, anjeunna anjeunna kersa nikah sareng Resi Parasara, nu rupana goréng kacida. Sataun ti harita, lahir Abiasa nu gaduh panyawat bau salira ti ibuna, goréng rupa ti ramana. Matak jabng bayi téh dicandak ku ramana sina ngabagawan janten resi, sarta mirak heula istrina, Setiawati.

Saparantos rarandaan, Setiawati ditikah ku Prabu Santanu. Gaduh putra dua pameget, nya éta Citranggada sareng Citraséna, mung duanan gé teu panjang yuswa. Tapi Citrséna mah kantos nikah ka Ambika sareng Ambalika, nu ahirna Ambika sareng Ambalika ditikah ku Abiasa. Baca lebih lanjut

11 April 2012 Posted by | Basa Sunda | | Tinggalkan komentar

AY LEP YU (I LOVE YOU)

AY LEP YU (I LOVE YOU)

I love you, aku cinta kamu, kuring nyaah ka anjeun mangrupa kalimah nu moal bireuk deui pikeun para nonoman. Kalimahna basajan pisan ngan tilu kecap, tapi naha atuh dina ngalarapkeun éta kalimah bet kacida héséna. Urang teu bisa mungkir yén kacida susahna nyoarakeun tur nepikeun kalimah I Love you ka nu ku urang dipikanyaah, dipakabogoh, dipikameumeut. Sakumaha kuat tur gagahna hiji jalma, nalika nyanghareupan éta kalimah mah ngadadak leungit kakuatanna téh, saperti aya kakuatan lian nu ngalumpuhkeun kawanina. Urang aya dina posisi antara kaeunteupan rasa cinta jeung euweuh kawani pikeun ngedalkeunana. Aya naon sabenerna ieu téh? Nalika urang ngedalkeun éta rasa, tangtu baris aya kasieun tur kahariwang. Sieun naon atuh? sieun DITOLAK. Tah, ieu sabenErna masalahna téh. Ieu pisan nu ngabalukarkeun hiji jalma ham-ham atawa asa-asa pikeun ngedalkeun rasa cintana. Nepi ka aya jalma nu ku alatan sieun ditolak nepika rasa nu aya dina dirina teu kedal (cinta terpendam téa meuerun). Jalma nu kitu miboga prinsip kieu: “Mikacinta hiji jalma teu kudu dikedalkeun, keun waé kuring mah rék mikacinta manéhna tapi ngan ukur dina hate, manéhna teu kudu apaleun.” Ah éta mah alesan wungkul, sabenerna mah sieun éta téh. Sieun naon atuh? Sakali deui sieun DITOLAK.

Lamun urang bener-bener mikacinta hiji jalma, leuwih hadé dikedalkeun. Ulah togmol, ulah langsung kana tujuan, kudu malapah gedang ceuk kolot mah. Mimitian ku méré perhatian nu leuwih, sing rajin nanya, najan ku patalékan-patalékan nu teu penting saperti badé kamana? nuju naon? mulih ti mana? jeung lian-lianan deui. Langkah saterusna sangkan manéhna surtijeung narik perhatianna, sakapeung mah urang bisa nepikeun perhatian sacara nonverbal saperti kartu ucapan, hadiah, nginjeumkeun buku, jeung sajabana. Hal-hal nu geus dilakukeun ku urang (mere perhatian nu leuwih) tangtu ngabalukarkeun ayana patalékan dina haténa tur ngjadikeun manéhna surti. Éta prosés tangtu kudu dipungkas ku finishing nu hadé, téangan waktu nu merenah pikeun nepikeun rasa cinta urang. Plong! Ngemplong ayeuna mah, sagala rasa nu salila ieu nyangkaruk dina haté geus bedah geus kakedalkeun. Sabenerna ngan aya dua akibat nya éta DITARIMA atawa DITOLAK. Duanana gé hadé tur boga mangpaat pikeun urang. Lamun ditarima mah teu kudu dibahas, apanan éta harepanna gé. Tapi naha cenah mun ditolak bet hadé tur aya mangpaat? belah mana hadéna? aya sawatara alesan nya éta: Baca lebih lanjut

11 April 2012 Posted by | Alakadarna | Tinggalkan komentar