Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

Mantra

KARYA SASTRA SUNDA:

  1. MANTRA

Mantra nya éta karya sastra wangun puisi nu dianggap miboga kakuatan gaib di jerona. Ugeran atawa aturan puisi dina mantra nya éta dina lebah wirahma jeung purwakanti. Rupa-rupa mantra diantarana:

  • Ø Jangjawokan

Jangjawokan dipapatkeun pikeun ménta kasalametan,kalancaran,kahadéan dina migawé hiji hal.

JANGJAWOKAN DIPUPUR

Pupur aing pupur panyambur

Panyambur panyangling rupa

Nylain rupa ti déwata

Nyalin sari ti widadari

Nya tarang lancar mentrangan

Nya halis katumbirian

Nya irung kuwung-kuwungan

Dideuleu ti hareup sieup

Disawang ti tukang lenjang

Ditilik ti gigir lenggik

Mangka welas mangsa asih ka nu dipupur

Dit ténjo ku saider buana kabéh Baca lebih lanjut

26 Februari 2011 Posted by | Basa Sunda | | 1 Komentar

carita wayang

WAYANG GOLÉK

sumber: http://basasunda-online.blogspot.com

Salah sahiji kasenian Sunda anu populér di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék. Komo sanggeus bisa disiarkeun dina radio jeung televisi, wayang golék beuki dipikaresep baé ku balaréa, boh di kota boh di pilemburan. Lamun sakalieun aya nu hajat nanggap wayang golék, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti mana-mendi. Atuh tokoh-tokoh dina pawayangan apan geus dipikawanoh pisan ku masarakat urang, upamana baé Gatotgaca, Arjuna, Bima, Dorna, Semar, Si Cépot, jeung sajabana. Ieu hiji bukti yén kasenian wayang golék téh geus raket pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang golék téh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian, nyaéta seni sastra (lalakon), seni karawitan (gamelan) seni swara (sindén), jeung seni gerak atawa tari (gerak-gerik wayang)

Anu jadi lulugu dina pagelaran wayang golék nyaéta dalang anu pancénna ngalalakonkeun carita. Kamahéran dalang dina ngaguar carita, ngigelkeun wayang, nepikeun palasipah atawa ngabodor, ilaharna jadi takeran dipikaresep henteuna hiji pagelaran wayang ku nu lalajo. Ku lantaran kitu, dalang téh diperedih pisan kamahéranana dina rupa-rupa widang. Asép Sunandar Sunarya upamana, dalang anu kiwari kamashur, kalandep ku balaréa téh lantaran kamahéranana dina rupa-rupa widang kasenian sarta bisa ngasongkeun hal anu anyar.

Salian ti ngigelkeun wayang, dalang ogé ngagunakeun parabot séjén nyaéta campala jeung kecrék. Campala téh sabangsa palu anu sok ditakolkeun, pikeun ngantebkeun hiji omongan atawa hiji peristiwa anu keur dilalakonkeun. Ari kecrék pikeun ngantebkeun suasana, utamana dina adegan-adegan perang tanding.

Di sagédéngeun dalang, nayagaogé nyekel kalungguhan anu penting. Apan para nayaga pisan anu nabeuh gamelan téh. Waditra kasenian anu ilahar digunakeun dina wayang golék diantarana: kendang, goong, saron, bonang, jengglong, gambang, jeung rebab,

Carita anu keur dilalakonkeun ku dalang, sok diselang-seling ku sinden, nyaéta juru kawih (tukang ngawih) anu nembangkeun lalaguan. Ilaharna lagu anu ditembangkeun ku sindén luyu jeung peristiwa anu keur dilalakonkeun, upamana baé dina peristiwa pikasediheun sindén nembangkeun lalaguan anu sedih, jsb.

Carita wayang téh asalna mah ti India, babonna tina buku Mahabarata karangan Wiyasa jeung Ramayana karangan Walmiki. Mahabarata nyaritakeun turunan Pandawa jeung Kurawa anu marebutkeun nagara warisan karuhunna, tepi ka ahirna perang campuh di Tegal Kuruséta anu kawentar Perang Baratayuda. Ari Ramayang nyaritakeun Rama jeung Sinta. Dina Ramayana aya sempalan carita anu ngalalakonkeun Sinta diculik ku Rahwana, raja nagara Aléngka. Sabada peperangan, Sinta bisa dipimilik deui ku Rama sarta dititah labuh geni (ngaduruk manéh) pikeun ngabuktikeun kasucian dirina.

Sanajan asalna ti India, wayang téh geus jadi banda budaya Sunda. Ku lantaran kitu, salaku urang Sunda tangtu baé urang kudu mili ngariksa sangkan wayang golék tetep langgeng dipikaresep ku balaréa. Sakurang-kurangna urang kudu wanoh sarta mikaresep kasenian wayang golék.

sumber: http://basasunda-online.blogspot.com

bahan ajar carita wayang kanggo SMA kelas XI tiasa didownload di handap (ppt)

CARITA WAYANG

26 Februari 2011 Posted by | Basa Sunda | | Tinggalkan komentar

Bahan Ajar Purwakanti gaya basa

PURWAKANTI BASA JEUNG GAYA BASA

Purwakanti nyaéta padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan.

Rupa-rupa purwakanti

Purwakanti pangluyu

Purwakanti pangluyu téh nyaéta purwakanti anu aya dina saungkara atawa sapadalisan, lain purwakanti antarungkara atawa antarpadalisan; jadi mangrupa purwakanti rantayan. Pangna disebut pangluyu, duméh nyaluyukeun sora atawa wianjana dina kecap-kecap.

Contona:

diteuteup ti hareup sieup (eu, eup)

disawang ti tukang lenjang (a, ang)

ditilik ti gigir lenggik

 

Purwakanti maduswara

Purwakanti maduswara nyaéta purwakanti anu murwakanti sora vokalna.

Contona:

Kokoro nyoso malarat rosa (o,o;a,a)

ambek nyedek tanaga midek (e)

kapipit galih, kadudut kalbu (i,i;u,u)

lalaki langit lalanang jagat (a,i;a,a)

 

Purwakanti cakraswara

Purwakanti cakraswara nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya sora-sora vokal anu patukeur tempat dina kecap anu padeukeut atawa saungkara.

Contona:

hirup-hurip

anjuk hutang

ngumbar napsu

 

Purwakanti laraspurwa

Purwakanti laraspurwa téh nyaéta purwakanti anu murwakanti engang atawa wianjana awal kecap, boh rantayan boh runtuyan.

Conto laraspurwa wianjana:

  1. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten (tina kakawihan)
  2. Laut kidul kabéh katingali (tina guguritan)
  3. Kembang bodas buah bunder (tina wawangsalan)

Conto laraspurwa engang:

  1. palataran pasini pati
  2. sakadar sabrang salayan
  3. nu nyaksrak nyaliara
    ngaruksak ngaraksuk
    kaniaya kamanala
    mamalana manjang ngabanding ngaranjing ngambah jagat duriat

 

Purwakanti larasmadya

Purwakanti larasmadya teh nyaeta purwakanti anu dumasar kana perenahna aya di tengah-tengah ungkara antarpadalisan. Jadi mangrupa purwakanti runtuyan.

Contona:

Sok hayang nyaba ka Bandung

Sok hayang nyaho nanjakna

Sok hayang nanya nu pundung

Sok hayang nyaho nyentakna

 

Purwakanti laraswekas

Purwakanti laraswekas nyaéta purwakanti anu murwakanti engan tungtung, boh dina kecap-kecap anu saungkara (sapadalisan) boh dina kecap-kecap antarpadalisan (di tungtung padalisan). Jadi, anu jadi patokanana téh perenahna.

Contona:

Pecat sawed bati ewed

tengah dalu ngan hanjelu

mo humandeuar ku kadar

teu rék lumpat ku nu ngupat

 

Purwakanti mindoan kawit

Purwakanti mindoan kawit nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina awal padalisan atawa awal ungkara. Anu jadi patokanana téh nyaéta perenahna éta purwakanti.

Contona:

Lain bangban lain pacing,

lain kananga kuduna.

Lain babad lain tanding,

lain ka dinya aduna

 

 Purwakanti mindoan wekas

Purwakanti mindowan wekas nyaéta purwakanti anu muncul lantaran aya kecap anu dipindo (dibalikan) deui dina tungtung padalisan atawa ungkara.

Contona:

Kaseuseueuran istrina sok hayang ginding

teu diturut ka carogé maling-maling

carogéna keur goréng ulaheun ginding

samping goréng bajuna teu maké kancing.

 

 purwakanti mindoan kecap

Purwakanti mindoan kecap nyaéta purwakanti anu muncul lantaran malikan kecap dina kalimah, tapi hartina béda. Purwakanti mindokecap sarua jeung diapora.

Contona:

Hujan ngaririncik, kawas méré kila-kila yén bakal hujan cisoca.

Awakna nu ngalangkang katojo cahaya bulan purnama, teu weléh ngalangkang dina kongkolak panon.

 

Purwakanti margaluyu

Purwakanti margaluyu téh nyaéta purwakanti anu timbul lantaran aya kecap dina tungtung padalisan, dina puisi anu dibalikan deui dina awal padalisan sapandeurieunana.

Contona:

Sukingki haté sukingki

sukingki paselup bungah

Bungah kagiridig simpé

Simpé awak talipurna

talipurna manjing sirna

sirna ringkang nu sakujur

sakujur kadua rasa

GAYA BASA

Gaya basa nyaéta rakitan basa (kalimah) anu dipaké sangkan bisa nimbulkeun pangaruh (éfék) anu leleb karasana ka nu maca atawa nu ngadéngékeun, ku jalan ngabandingkeun hiji barang jeung barang séjénna. Gaya basa, ceuk istilah séjén, mangrupa plastis-stilistik , nyaéta lamun dipaké nyarita atawa dilarapkeun dina kalimah, éstu matak jadi mamanis basa, écés témbrés beunang rasa basana.

Kawas basa Indonésia, dina basa Sunda ogé aya sababaraha gaya basa, contona:

  • ngupamakeun (similé) nya éta ungkara basa anu ngabandingkeun atawa ngumpamakeun barang nu geus disebut saméméhna jeung barang deui. Biasana ngagunakeun kecap kawas, siga, cara, saperti, lir, ibarat.

Conto:

Ronaldo lumpatna tarik pisan kawas peucang

Ari manéh gawé téh ngan saré waé kawas si Kabayan

Usep mah siga bapana, awakna jangkung badag

  • lalandian (métafora) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barag kana barang deui nu mibanda sipat nu sarua. Contona:

musim ayeuna Persib “maung bandung” palatihan urang prancis

rhoma irama “Si raja dangdut” boda nak nu sarua penyanyi

  • mijalma (personifikasi) nya éta ungakara basa anu mapandékeun barang paéh kana barang hiup. Contona:

bula milu nyaksian pasini urang duaan

tangkal kalapa gugupay ka para pamayang nu keur ngambah sagara

  • rautan (eufimisme) nya éta ungkara basa nau dipaké pikeun ngaganti kecap séjénna nu patali jeung sopan santun atawa kapercayaan. Contona:

tuang putra téh kirang pisan dina matematikana

ulah ngautan thing bisi aya urang leuweung

  • ngasor (litotés) nya éta ungkara basa anu ngagunakeun kecap nu lalawanan hartina jeug nu dimaksud pikeun tujuan ngasor . contona:

mangga atuh dituang, naming kieu di dieu mh réncangna gé saaya-aya

jang,yeuh kanggo ngagaleuh baso

  • rarahulan (hiperbol) nya éta ungkara basa anu ngaganti kecap ku kekecapan anu kaleuleuwihi atawa pamohalan. Contona:

si gayus mh jalma beughar, duitna gé dikarungan

étah awak, meni sagedé gajah

  • kadalon (pleonasme) nya éta ungkara basa anu ngagaunakeun kekecapan nu sabenerna mah teu perlu digunakeun deui sabab geus karagum dinakandungan harti kecap nu saméméhna. Contona:

naék ka luhur geura jang

kuring ngadéngé ku ceuli sorangan

  • silib-sindir (alégori) nya éta ungkara basa nu ngagunaken sababraha gaya basa sarta gumulung jadi hiji ngawangun ungkara anu maksudna dibalibirkeun. Contona:

kembang anu mankak dina ati kiwari ligar maruragan, kumargi akang sulaya tina subaya ngarempak tetekon sinatria, mipit kembang di taman sari nu sanés.

  • mindoan (repetisi) nya éta ungkara basa nau diwangun ku cara ngucakeun kecap-kecap  sarua sababaraha kali pikeun maksud leuwih ngantebkeun maksudna. Contona:

ngajak uli néng mira mh matak ook duit. Ningali baji haradé haying meuli baju, nngali kantong hayang kantong, ningali …..

  • Ocon (metanimia) nya éta ungkara basa kekecapan anu geus ilahar sarta anu dipaké pikeun nuduhkeun idéntitas hiji barang. Contona:

Jang,pangmeulkeun kapal api

Kamari kuring nigali rhoma irama

  • Raguamn (sinekdok) aya dua nya éta gaya bagsa raguma sagemblengna pikeun sabagian (totem properte) jeung gaya basa raguman sabagian pikeun sagemblengna (pars pro toto) contona:

Indonesia juara piala dunia 2022

Di kampungna aya 50 suhunan

sumber: su.wikipedia.org

tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran basa sunda.Bandung:

tamsyah,budi rahayu.1994.pangajaran sastra sunda.Bandung:

pedaranana mangga tiasa di download dina link di handap

purwa-basa pangajaran

26 Februari 2011 Posted by | Basa Sunda | | 2 Komentar

babasan paribasa

Babasan nya éta ungkara dina wangun kecap kantétananu susunanna geus matok sarta ngandung harti injeuman.

Paribasa nya éta ungkara dina wangun kalimah anu geus matok, maksudna geus puguh, biasana ngandung harti babandingan atawa siloka lakuning hirup manusa.

Conto babasan:

  • Panjang leungun
  • Gedé hulu
  • Jam karét
  • Peujit koréseun

Conto paribasa:

  • Adat kakurung ku iga
  • Agul ku payung butut
  • Jati kasilih ku junti
  • Biwir nyiru rombéngeun

23 Februari 2011 Posted by | Basa Sunda | | Tinggalkan komentar

Hello world!

Welcome to WordPress.com. This is your first post. Edit or delete it and start blogging!

23 Februari 2011 Posted by | Uncategorized | 1 Komentar