Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

kaparigelan nulis (pangajaran basa Sunda)

materi kaparigelan nulis tiasa di download di handap (ppt) ti DR.Yayat Sudaryat, M.Hum..

Mekarkeun Bahan Ajar Nulis

 

Ngajarkeun Nulis Puisi jeung Carpon

Ku: Nazaruddin Azhar

1.

Ngajarkeun sastra Sunda dina pajamanan kiwari, geus tangtu lain pagawéan énténg. Tong boro kana sastrana, kana basana gé, barudak téh jigana geus teu pati wawuh. Nyarita Basa Sunda ukur sakapanggihna di lingkungan sabudeureun, da réréana kapan di kulawarga nyarita téh geus méh prah ku basa Indonésia, atuh pangajaran di sakola, ukur sabaraha jam dina samingguna, hamo cukup pikeun ngaraketkeun barudak kana basa indungna.

Hal ieu téh ditambah deuih ku raména media di urang nu kabéh maké basa Indonésia, utamana media televisi nu geus jadi media hiburan utama di kulawarga. Mémang kiwari renung televisi lokal méh di unggal daérah, tur réa nu midangkeun acara kasundaan, tapi pamorna angger can bisa ngungkulan televisi swasta nasional, nu gambarna sok katémbong leuwih méncrang. Kitu deui sumber bacaan. Nu dianggap populér tur gaul ku barudak, tetep bacaan dina basa Indonésia. Tepi ka kiwari jigana can aya majalah husus keur barudak, nu eusina saluyu jeung nu dipikahayang ku barudak tur maké basa panganteur basa Sunda.

Dina kaayaan jiga kieu, pangajaran basa jeung sastra Sunda téh kuduna mah leuwih dihangkeutkeun, di saban tingkatan sakola. Malah mun bisa mah da di SD, basa Sunda téh kudu dijieun basa panganteur dina prosés diajar-ngajar sakabéh pangajaran, minimal ti kelas 1 tepi ka kelas 3 mah. Sangkan barudak leuwih wanoh kana basa Sunda.

2.

Ngeunaan pangajaran sastra Sunda di SD, numutkeun Pedoman Pengembangan Kurikulum Berbasis Kompetensi Mata Pelajaran Bahasa Daerah (Sunda) untuk SD dan SMP (2003), lingkup konsep bahan pembelajaran sastra anu perlu ditepikeun ka siswa di téh ngawengku (1) puisi, (2) prosa, (3) drama.

Bahan pangajaran puisi ngawengku (a) jangjawokan/mantra, (b) sisindiran, (c) kakawihan, (d) pupujian, (e) wawacan, (f) guguritan, (g) pupuh (balakbak, pucung, maskumambang, ladrang, lambang, magatru, gambuh, jurudemung, kinanti, mijil, wirangrong, gurisa, asmarandana, durma, pangkur, sinom, dangdanggula), jeung (h) sajak.

Bahan pangajaran prosa ngawengku (a) carita pantun, (b) dongeng, (c) carita pondok, (d) novel. Sedengkeun bahan pangajaran drama ngawengku (a) naskah drama, jeung (b) naskah gending karesmen.

Wah, édas pisan geuning. Aya jangjawokan, guguritan, wawacan, carita pantun,  jeung gending karesmén sagala! Moal kitu, disebut ngarawu ku siku mah? Naha perlu kénéh ngajarkeun sabangsa wawacan ka para siswa, sedengkeun boa, guruna gé réa nu can pernah muka buku wawacan? Jeung keur naon barudak sina diajar jangjawokan? Jigana leuwih pantes mun nu karitu mah cukup keur ulikan para mahasiswa di paguron luhur wé, pikeun niténan kamekaran basa Sunda, nu aya hubunganana jeung kayakinan atawa mistik di masarakat Sunda.

Leuwih merenah upamana, ambahan pangajaran sastra Sunda di SD téh diheureutan, ku ngajarkeun puisi (maca jeung nulisna), prosa (maca jeung ngarang carita pondok), jeung drama (diajar peran maké basa Sunda).

Dina riungan ieu gé jigana kudu diheureutan bahan obrolan téh, ukur sabudeureun diajar nulis puisi jeung nulis carpon. Bisi malah teu ka ditu teu ka dieu ari sagala hayang disampeur mah. Bisi panjang teuing.

3.

Puisi

Ngajarkeun puisi, boh maca (nyurahan/ngaaprésiasi) atawa nulisna, lain hartina ngajurung sakabéh murid sangkan jadi panyajak atawa sastrawan. Latihan maca jeung nulis puisi, enas-enasna mah pikeun ngasah ‘kepekaan’ para siswa kana ungkara nu aya dina basa Sunda. Béh dituna siswa boga rasa reueus tur ngarasa mibanda kana basa indungna, basa Sunda.

Puisi téh karya seni nu bisa ngabeungharan batin nu macana. Maca puisi, ngalenyepan eusi puisi jeung nulis puisi bisa ngalatih para siswa sangkan leuwih peka kana kahirupan, tur bisa numuwuhkeun sikep émpatik ka sasama jeung lingkungan di sabudeureun. Pan puisi téh eusina teu jauh tina kahirupan nu aya di lingkungan urang, réa nu nembrakkeun ajén inajén kamanusaan, boh nu aya hubunganana jeung masalah  sosial, budaya, atawa kayakinan (agama).

Sangkan murid resep kana puisi, tangtu wé, kudu dimimitian heula ku guruna nu kudu weruh kana puisi. Lain wungkul apal kana définisi atawa unsur-unsur nu aya dina puisi, tapi nu leuwih penting, bisa neuleuman jeung ngarasakeun éndahna puisi. Hal ieu téh bakal mangaruhan kana cara ngajar ka para siswa. Lamun urang salaku guru bisa macakeun hiji puisi ku éksprési nu pikaresepeun, pertéla ucapanana, alus lentong jeung gayana, meureun barudak gé bakal katajieun. Kitu deui dina nyaritakeun eusi puisi, kudu tepi ka kaungkab naon makna atawa maksud nu ditepikeun ku éta puisi, sangkan para siswa ogé bisa ngarasakeun éndahna jeung ngarti kana eusi éta puisi.

Hal ieu mémang kudu dimimitian ku guruna. Méré conto ku cara nu daria. Guru kudu némbongkeun pangaresepna kana puisi, kudu bisa mertélakeun ku sikep jeung pamulu nu némbongkeun yén puisi téh karya seni nu pikaresepeun tur gedé mangpaatna pikeun urang.

Mun murid geus ‘percaya’ yén puisi téh mémang karya nu éndah, nu aya mangpaatna pikeun maranéhna, ti dinya mah kakara urang nerangkeun naon nu ngabédakeun antara puisi jeung prosa, atawa puisi jeung tulisan jurnalistik/berita. Hartina, lebah dieu urang nerangkeun unsur-unsur nu aya dina puisi, upamana diksi, bait, metafor atawa lambang, wirahma, jeung sajabana, kalayan maké conto puisi nu dibacakeun téa.

Kudu ditandeskeun, yén urang saréréa bisa nyieun puisi. Kabéh murid kudu sina gedé haté yén maranéhna gé bisa nyieun atawa nulis puisi nu alus. Latihanana bisa ku cara nu spontan, teu kudu ditulis. Contona, tiap murid nyiapkeun hiji ungkara/kecap barang pikeun diucapkeun. Bisa jadi engkéna aya murid nu nyebut “ucing”, atawa “panto”, “langit”, jeung sajabana. Éta kecap téh ku urang bisa dibéré harti sacara dénotatif jeung konotatif. Kecap “ucing”, harti dénotatifna nya ngaran sato, tapi dina harti konotatif, bisa nuduhkeun kana kalakuan jalma nu jiga ucing, upamana. Laju diterangkeun, yén dina puisi aya nu disebut métafor, nu taya lian iwal ti kecap barang nu mibanda harti konotatif téa.

Latihan saterusna bisa diteruskeun ku ngaranggeuykeun dua atawa tilu kecap. Sina dibaca ku siswa jeung sina diterangkeun naon hartina. Ti dinya kakara, murid sina nyobaan nyieun puisi pondok, nu ngan sabait/sapada, nu ngandung métafor, tur sina dibaca ditarikkeun, saurang-saurang.

Latihan nulis puisi, leuwih hadé sakali-kali mah dilaksanakeun di luar rohangan kelas. Upamana di buruan sakola atawa di taman, atawa di tempat nu negrak. Murid bisa niténan kaayaan di sabudeureun, tur bisa nuliskeun naon nu katempo nu engkéna bisa dijieun bahan pikeun ngawangun puisi.

Tarékah ngajarkeun nulis puisi bisa ku rupa-rupa cara, gumantung kana kaparigelan guru dina ngolah suasana diajar. Nu penting, murid bisa ancrub langsung dina nyipta puisi, tur carana pikaresepeun. Diajar nulis puisi mah leuwih hadé teu ngagegedékeun teuing téori, tapi prak dilaksanakeun tepi ka murid enya-enya resep tur ngarasa mampuh nulis puisi. Tapi lain hartina téori teu diajarkeun. Kapan dina prak-prakanana latihan gé, téori mah tetep bakal kasampeur, kaobrolkeun.

Dina sastra Sunda, sabenerna aya kakurang, nyaéta lebah pamedalan/penerbitan buku puisi Sunda, langka buku puisi pikeun barudak. Pikeun conto bacaeun di kelas, lian ti nu geus aya dina buku pangajaran, urang gé bisa nyokot puisi nu aya dina antologi nu geus nyampak, tur dianggap cocog pikeun surahaneun barudak. Atawa bisa nyokot tina puisi siswa nu dimuat ku majalah, upamana dina Manglé, jeung Cupumanik.

4.

Carpon

Diajar nulis carpon, bisa dimimitian ku diajar nyarita kalawan spontan. Nyaritakeun nu basajan wé, upamana murid sina nyaritakeun naon nu katempo jeung kadéngé ku maranéhna sabot miang ti imah ka sakola. Dina latihan ieu, nu penting murid bisa nyusun kalimah jadi leunjeuran carita. Najan aya sababaraha murid upamana nu inditna bareng, tur ngaliwatan jalan nu sarua, tangtu dina nyaritakeunana mah bakal aya bédana, da tiap-tiap murid pasti bakal béda sudut pandang-na.

Bisa ogé ku cara nyusun kalimah babarengan. Tiap murid ngucapkeun hiji kecap nu kudu disambung ku murid séjén sangkan ngaleunjeur jadi sakalimah. Sanggeus latihan ngucapkeun masing-masing sakecap, diteruskeun ku ngucapkeun sakalimah, kalawan kudu nyambung jeung murid nu lian, jadi hiji leunjeuran carita. Latihan spontan kieu téh alus pikeun ngasah imajinasi.

Dina latihan babarengan ieu, cobaan maké tokoh jalma kahiji, kadua, jeung tokoh fabel. Malah bisa dipanganteuran ku guru, upamana carita dipuseurkeun kana carita sapopoé, carita horor, carita silat, jeung sajabana. Keun wé hasilna mah kumaha engké, biasana da sok katémbong hasil nu di luar dugaan. Imajinasi barudak kalan-kalan leuwih punjul tibatan imajinasi kolot dina lebah ngadongéng mah.

Méméh prak diajar ngarang tinulis, hadéna mah dimimitian heula ku ngaaprésiasi carpon nu geus aya. Upamana carpon nu dijieun ku siswa nu dimuat dina majalah. Bandingkeun jeung hasil tina “ngarang réréongan” nu spontan téa.

Dina prak ngarang, mimitian ku ngarang carita nu tokohna ukur saurang. Laju kana carita nu maké dua tokoh, tur maké paguneman. Murid sina ngarti bédana paguneman jeung narasi. Tong waka dibéré téma, keun wé sina bébas. Sarta kudu ditandeskeun, yén dina keur prak ngarang mah nu utama, si pangarang ngébréhkeun heula naon nu aya dina kereteg haténa, lain nu aya dina pikiranana. Pungsi pikiran dina ngarang mah lain keur waktuna nulis, tapi keur ngédit tulisan mun karangan geus réngsé dijieun. Urusanana jeung téknis nulis katut logika carita. Mun keur ngarang mah, sina ngaguluyur wé heula, mun geus réngsé kakara oméan nu salahna. Jeung tong réa dibaca, keun sina parat heula. Mun bulak-balik dibaca sok tara laju, da kalah hantem ngoméan nu cikénéh dituliskeun.

Dina ngarang carpon téh réa unak-anikna. Tapi pikeun barudak mah bisa dibéré téori nu basajan. Nyaéta kudu aya tokoh, latar (lokasi), jeung carita. Dina karangan aya bubuka, eusi, jeung panutup. Leuwih alus mun murid mimiti diajar ngarang téh nuliskeun nu kungsi kaalaman ku manéhna, nu dianggap narik atina. Mun geus nyobaan nulis nu kaalaman langsung, laju kana ngarang carita dumasar kana kajadian nu kadéngé jeung katénjo, nu aya di lingkungan sabudeureun. Upamana ngeunaan tokoh patani, tukang béca, jsb.

Kudu ditandeskeun, dina ngarang carpon mah tong sagala dicaritakeun. Cukup wé ku nyaritakeun hiji kajadian nu kalakonan ku si tokoh. Nu disebut carpon mah sarua jeung fragmén, lain mangrupa bahan pikeun nyieun novel.

Mun seug nilik dina pajemuhan sastra Indonésia, lian ti aya cerita péndék (cerpén), ogé aya nu disebut cerita mini, nu tangtuna leuwih pondok tibatan cerpén nu ilahar. Malah sanggeus mahabu twitter jeung facebook mah, kapan aya nu disebut fiksi mini sagala. Nyaéta carita nu panjangna ukur 140-an karakter/huruf. Mimitina mah lantaran dijieunna dina status atawa twit nu kasengker panjangna kudu sakitu, nu saterusna jadi trén. Kapan aya nu geus dibukukeun sagala, fiksi mini téh. Ratusan karangan nu masing-masing panjangna ukur sakalimah atawa dua kalimah, tapi ngandung unsur carita.

Dina basa Sunda mah can pati réa nu nulis fiksi mini téh. Iwal carpon mini, kungsi aya bukuna, ladang tina pasanggiri nulis carpon mini sababaraha taun ka tukang.

Mun seug dititénan, aya alusna tah, dina pangajaran nulis atawa ngarang carita pondok, dimimitian ku diajar nulis fiksi mini.  Karangan pondok kacida, tapi bisa nganteur imajinasi nu maca. Malah tugas nulisna gé bisa maké pakakas atawa media nu kiwari geus réa dipaké ku barudak. Mun di kelas kabéh murid geus baroga hapé (handphone), tibatan dicaram bari teu digugu mah, mending dipaké pikeun diajar. Upamana, murid ditugaskeun nulis fiksi mini nu engkéna dikirim ngaliwatan SMS ka hapé guru. Pikeun dipeunteun. Saratna, nulisna teu meunang disungkat-singkat, kudu bener nulis kalimahna, titik komana, kudu aya tokoh, jeung sajabana. Kitu deui mun barudak geus baroga fésbuk (facebook), tugasna sakali-kali mah nulis fiksi mini nu ditagkeun ka fésbuk guru. Kitu gé mun bisa. Ngarah téhnologi téh aya mangpaatna dina prosés ngajar-diajar sastra Sunda.

5.

Naon nu ditulis di dieu, geus tangtu teu nyosok jero ngungkab téori nulis puisi jeung carpon. Éstu ukur sausap saulas. Ngan  cara-cara nu ditembrakkeun ieu téh kungsi dipraktékeun ku nu nulis di sanggar sastra, tur hasilna kaitung nyugemakeun. Sok sanajan kitu, bisa waé hasilna bakal béda lamun diprakkeun di jero kelas mah, dina pangajaran nu geus kawengku ku kurikulum.

Ceuk tadi gé, diajar nulis puisi jeung carpon téh lain pikeun ngajurung murid sina jaradi panyajak atawa sastrawan (najan teu nanaon mun engkéna aya nu jadi pangarang gé), tapi ku bisana nulis carita, ngarang, ku resepna kana puisi Sunda, bisa ngarasakeun éndahna puisi Sunda, tangtu bakal mangaruhan kana karakter hiji murid, dina enggoning ngalakonan hirup saterusna. Diajar ngarang téh sarua jeung diajar mikir kalawan sistematis, ngungkabkeun kereteg haté jeung pikiran dina struktur basa jeung kalimah anu merenah, nu bakal gedé mangpaatna dina hirup kumbuh saterusna, naon waé gé profési nu dilakonanana.***

Ieu tulisan mangrupa panganteur guaran
ngeunaan pangajaran sastra Sunda
dina acara Seminar Sastra “Pembelajaran Sastra Sunda di SD”,
Temu Civitas Akademika PGSD Se-Jabar Banten XIII,
UPI Kampus Tasikmalaya, 2011.

materi kaparigelan nulis tiasa di download di handap (ppt) ti DR.Yayat Sudaryat, M.Hum..

Mekarkeun Bahan Ajar Nulis

21 Maret 2011 - Posted by | Administrasi Guru |

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: