Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

DATA PANALUNGTIKAN

Ieu di handap mangrupa data panalungtikan skripsi simkuring. Datana mangrupa pok-pokan siswa nu keur ngalaksanakeun debat Basa Sunda. Objek panaungtikanna nya éta siswa kelas X7 SMAN I Singaparna taun 2008.

Baca lebih lanjut

Iklan

31 Mei 2011 Posted by | Uncategorized | | Tinggalkan komentar

BAB I SKRIPSI KURING

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasangtukang Masalah

Manusa mangrupa mahluk sosial nu teu bisa hirup nyorangan. Salaku mahluk sosial, manusa salawasna hirup babarengan jeung papadana. Ku alatan éta hal, komunikasi jadi hal anu kacida pentingna. Nyarita mangrupa cara nu digunakeun ku manusa pikeun ngalancarkeun ieu komunikasi.

Rahman, dina Raksarasa (2004;146) nyebutkeun yén nyarita téh nya éta kagiatan nepikeun maksud (ideu, pikiran, eusi haté) ti hiji jalma ka jalma séjén nu ngagunakeun basa lisan malar éta maksud téh kahartieun ku nu ngaregepkeun.

Nyarita kaasup kana kaparigelan basa nu sipatna produktif. Nyarita mangrupa sarana nu digunakeun pikeun nepikeun maksud atawa informasi ti hiji pihak ka pihak séjén, ku lantaran kitu nyarita kudu ditepikeun kalawan bener tur hadé sangkan maksud caritaan bisa katarima ku pangregep kalawan bener. Pikeun nyumponan éta hal, élmu pragmatic dipikabutuh pisan. Pragmatik medar bag-bagan makéna basa pikeun kaperluan nu tangtu dina hiji situasi.

Dina pangajaran basa Sunda di sakola, nyarita kaasup salasahiji aspék nu diajarkeun. Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, pangajaran nyarita miboga tujuan sangkan siswa mahér nyarita dina rupa-rupa situasi. Ieu hal bisa katitén tina standar isi kamampuh nyarita, nya éta:

“Mampu berbicara secara efektif dan efisien untuk mengungkapkan pesan (pikiran,perasaan,keinginan) dalam berbagai bentuk dan jenis kesempatan berbicara dalam berbagai bentuk wacana lisan.”

Kuswari dina Raksarasa ( 2004;166) nétélakeun yén pangajaran basa Sunda kudu ngagunakeun pamarekan komunikatif. Pamarekan komunikatif  nganggap yén basa teu bisa diwatesanan sacara linguistik, tapi sacara sosiolinguistik. Ku kituna, supaya pangajaran basa leuwih éféktif, nu diajarkeun téh lain téori-téori basa, tapi cara atawa latihan ngagunakeun basa anu luyu jeung pungsi-pungsi basa sacara sosiolinguistik.

Kamampuh nyarita tiap jalma tangtu béda-béda. Siswa salaku nu diajar basa Sunda, dina ieu hal nyarita, miboga kamampuh nyarita nu béda-béda ogé. Pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa, bisa digunakeun sababaraha cara, salasahijina ngaliwatan sawala di kelas.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) basa Sunda, sawala kelompok jadi salahiji kompetensi dasar tina kamampuh nyarita. Tujuan tina sawala nya éta sangkan siswa ancrub langsung kana pangajaran sarta diajar ngedalkeun sakur pamadegan, dina ieu hal patalina jeung salasahiji aspék kaparigelan makéna basa, nya éta nyarita.

Dina sawala kelompok tangtu mikabutuh masalah. Winarno (1986;43) nétélakeun yén masalah nu dipedar dina diskusi kudu miboga alternatif alternatif  jawaban, henteu mutlak. Dina sawala kelas, guru miboga peran nu penting pisan. Nurutkeun Piaget, guru kudu ngawasa téknik-téknik probling jeung counter-sugestion nya éta bisa nyindekkeun sarta méré stimulus ka siswa.

Muhamad Surya (2003;59) nétélakeun yén sawala kelas kaasup kana modél Concurrent Learning (pangajaran sacara babarengan) sabab aya partisipasi ti siswa, dilakukeun dina forum terbuka, sarta suasana démokratis.

Malvin L. Silberman (2006;140) nétélakeun yén aya sababaraha stratégi nu bisa digunakeun ku guru pikeun ngaéféktifkeun diskusi di kelas nya éta debat aktif, diskusi panel, argument tandingan, maca kalawan bedas, nambahan anggota diskusi panel, sarta pengadilan ku hakim. Eta stratégi bisa digunakeun pikeun ngarangsang sikep kritis siswa kana masalah nu disodorkeun, béh dituna pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.

Debat mangrupa variasi tina metode sawala. Debat bisa dilakukeun pikeun nambahan variasi dina pangajaran nyarita. Wiyanto (2003;4) nétélakeun yén debat téh nya éta kagiatan sawala antara dua urang atawa leuwih nu masing-masing silih pangaruhan sangkan narima pamadegan atawa usulna.

Tujuan utama debat dilakukeun di kelas nya éta pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngedalkeun sakur pamadeganna, leuwih jauhna kamampuh nyaritana. Dina debat, kamampuh mikir sacara logis, kritis, bener-bener kaasah. Peserta, nu dina ieu hal mah siswa dipaksa pikeun nyarita, ngajawab sakur argumén ti lawan.

Dina pangajaran nyarita, siswa can bisa nyarita ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur hadé. Tapi éta téh masih mangrupa sawangan atawa hipotesis wungkul. Nepi ka danget ayeuna can aya panalungtikan nu medar ngeunaan kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda. Ku alatan éta hal, ieu panalungtikan baris ngadéskripsikeun kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda dina sawala debat. Siswa nu jadi subjek penelitianna nya éta siswa kelas X 7 SMANegeri I Singaparna Tasikmalaya.

1.2. Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan diwatesanan ku kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda dina sawala debat, nu dilaksanakeun di kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna Tasikmalaya. Baris dipedar ogé kasalahan-kasalahan siswa dina ngagunakeun basana.

1.3. Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

a)         Kumaha kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat?

b           Naon waé kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana?

1.4. Tujuan Panalungtikan

Tujuan nu rek dihontal dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

a)     kamampuh ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat.

b)    kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana.

 

1.5.  Mangpaat Panalungtikan

  • Sacara téoritis ieu Panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan téori pangajaran basa, hususna metode pangajaran nyarita dina sawala.
  • sedengkeun mangpaat praktisna nya éta pikeun mikanyaho kamampuh nyarita basa Sunda siswa.

1.6. Anggapan Dasar

Nu jadi anggapan dasar dina ieu Panalungtikan nya eta:

a)         kamampuh nyarita basa Sunda siswa kurang pisan.

b)        kamampuh nyarita basa Sunda siswa loba kapangaruhan ku basa deungeun.

c)         Pangajaran basa Sunda baris leuwih éféktif nalika siswa diajar ngagunakeun basa ku cara latihan makéna basa.

.

31 Mei 2011 Posted by | Alakadarna | | Tinggalkan komentar

ABSTRAK SKRIPSI

KAMAMPUH NYARITA NGAGUNAKEUN BASA SUNDA SISWA KELAS X 7 SMA NEGERI I SINGAPARNA DINA SAWALA DEBAT  1)

 

AdeRisna Suhendi  2)

 

ABSTRAK

Penelitian ini berjudul Kamampuh Nyarita Ngagunakeun Basa Sunda Kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna dina sawala debat. Permasalahan dalam penelitian ini adalah kemampuan bicara dalam Bahasa Sunda. Metode yang digunakan adalah metode deskriptif dengan teknik tes, sedangkan yang menjadi objek penelitiannya adalah siswa kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna Tasikmalaya. Dalam penelitian ini bertujuan mendeskripsikan kemampuan bicara dalm bahasa Sunda serta mendeskripsikan kesalahan-kesalahannya selama berbicara. Metode yang digunakan adalah debat.

Berdasarkan hasil penelitian ini, dapat disimpulkan bahwa rata-rata kemampuan berbicara bahasa Sunda Kelas X 7 SMA Negrui I Singaparan dalam debat adalah dalam tingkatan sedang, artinya mampuh berbicara untuk keperluan yang kompléks serta memberikan respon pada lawan bicara dengan sederhana. Kesalahan-kesalahan yang digunakan umumnya karena pengaruh dari bahasa Indonesia. Struktur kata, struktru kalimat, serta kosa kata yang digunakan banyak yang menggunakan bahasa Indonesia.

 

 

1)    Skripsi ini di bawah bimbingan Drs. Usep Kuswari, M.Pd. dan Drs. Dingding Haerudin, M.Pd.

2)    Mahasiswa jurusan Pendidikan Bahasa Daerah Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni Universitas Pendidikan Indonesia

31 Mei 2011 Posted by | Alakadarna | | Tinggalkan komentar

KAKAWIHAN

KAKAWIHAN

Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina lagu. Ieusastra téh kaasup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi najan kitu, kakawihan téh lain bogana urang Sunda waé, unggal sélér bangsa ogé ngabogaan kabinangkitan kakawihan séwang-séwangan.
Kakawihan téh kaasup sastra lisan. Ngeunaan sumebarna tatalépa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Kusabab kitu, kakawihan mindeng disebut sastra balaréa, ku sabab geus milik sakumna masarakat.

Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana: Baca lebih lanjut

31 Mei 2011 Posted by | Basa Sunda | | 2 Komentar

CARITA PONDOK

CARITA PONDOK

Carita pondok mangrupa carita rékaan dina wangun prosa (lancaran) anu wangunna pondok .

Dina kasusastraan Sunda, carita pondok kawilang anyar, kaasup sastra sampeuran. Carita pondok Sunda mimiti aya dina majalah Priangan taun 1929, sedengkeun buku kumpulan carita pondok nu munggaran nya éta Dogdog Pangréwong meunang GS medal taun 1930. proses asupna carpon kana kasusastraan sunda estuning lungsur-langsar, henteu kungsi ditolak. kemakaran carpon leuwih subur sabada kamerdekaan. media nu diguankeunna nya eta majalah.

Cirri carita pondok: Baca lebih lanjut

30 Mei 2011 Posted by | Basa Sunda | | Tinggalkan komentar

DONGENG SUNDA

DONGENG

Dongéng kaasup kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarngna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacra lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.

Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi: Baca lebih lanjut

30 Mei 2011 Posted by | Basa Sunda | | 4 Komentar

TATAKRAMA BASA

 

 

Tatakrama Basa Sunda

Undak usuk basa atawa tatakrama basa dina basa Sunda kakara aya sabada nincak abad ka 17, nya éta sabada budaya mataram katut basa Jawana asup kana budaya Sunda. Ieu hal bisa kabuktian dina prasasti jeung naskah buhun nu ditulis saméméh abad 17 (upamana Batutulis, Kawali, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jsb) henteu ngagunakeun Undak Usuk Basa.

Mun dijeiun pola saperti kieu: Baca lebih lanjut

27 Mei 2011 Posted by | Basa Sunda | | Tinggalkan komentar

SISINDIRAN

SISINDIRAN

sumber: wikipedia

Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta Baca lebih lanjut

26 Mei 2011 Posted by | Basa Sunda | | 2 Komentar

Konsultasi Belajar

PROMOSI DEUI AHH..

chatting tiasa dina blog wordpress ieu fasilitas cahtting tos disayogikeun. maksadna mah supados aya sarana kanggo diskusi pikeun saha wae (guru,siswa,umum). pami tiasa mah diskusina perkawis pangajaran basa sunda, pendidikan umum, Teknologi informasi. pami ngadiskusikeun hal nu sanes oge mangga wae.

namung kanggo danget ayeuna mah simkuring teuacana tiasa online wae, margi mediana (laptop,komputer) nuju error.

di klik wae dina sidebar (Konsultasi Belajar)

14 Mei 2011 Posted by | Alakadarna | Tinggalkan komentar