Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

AY LEP YU (I LOVE YOU)

AY LEP YU (I LOVE YOU)

I love you, aku cinta kamu, kuring nyaah ka anjeun mangrupa kalimah nu moal bireuk deui pikeun para nonoman. Kalimahna basajan pisan ngan tilu kecap, tapi naha atuh dina ngalarapkeun éta kalimah bet kacida héséna. Urang teu bisa mungkir yén kacida susahna nyoarakeun tur nepikeun kalimah I Love you ka nu ku urang dipikanyaah, dipakabogoh, dipikameumeut. Sakumaha kuat tur gagahna hiji jalma, nalika nyanghareupan éta kalimah mah ngadadak leungit kakuatanna téh, saperti aya kakuatan lian nu ngalumpuhkeun kawanina. Urang aya dina posisi antara kaeunteupan rasa cinta jeung euweuh kawani pikeun ngedalkeunana. Aya naon sabenerna ieu téh? Nalika urang ngedalkeun éta rasa, tangtu baris aya kasieun tur kahariwang. Sieun naon atuh? sieun DITOLAK. Tah, ieu sabenErna masalahna téh. Ieu pisan nu ngabalukarkeun hiji jalma ham-ham atawa asa-asa pikeun ngedalkeun rasa cintana. Nepi ka aya jalma nu ku alatan sieun ditolak nepika rasa nu aya dina dirina teu kedal (cinta terpendam téa meuerun). Jalma nu kitu miboga prinsip kieu: “Mikacinta hiji jalma teu kudu dikedalkeun, keun waé kuring mah rék mikacinta manéhna tapi ngan ukur dina hate, manéhna teu kudu apaleun.” Ah éta mah alesan wungkul, sabenerna mah sieun éta téh. Sieun naon atuh? Sakali deui sieun DITOLAK.

Lamun urang bener-bener mikacinta hiji jalma, leuwih hadé dikedalkeun. Ulah togmol, ulah langsung kana tujuan, kudu malapah gedang ceuk kolot mah. Mimitian ku méré perhatian nu leuwih, sing rajin nanya, najan ku patalékan-patalékan nu teu penting saperti badé kamana? nuju naon? mulih ti mana? jeung lian-lianan deui. Langkah saterusna sangkan manéhna surtijeung narik perhatianna, sakapeung mah urang bisa nepikeun perhatian sacara nonverbal saperti kartu ucapan, hadiah, nginjeumkeun buku, jeung sajabana. Hal-hal nu geus dilakukeun ku urang (mere perhatian nu leuwih) tangtu ngabalukarkeun ayana patalékan dina haténa tur ngjadikeun manéhna surti. Éta prosés tangtu kudu dipungkas ku finishing nu hadé, téangan waktu nu merenah pikeun nepikeun rasa cinta urang. Plong! Ngemplong ayeuna mah, sagala rasa nu salila ieu nyangkaruk dina haté geus bedah geus kakedalkeun. Sabenerna ngan aya dua akibat nya éta DITARIMA atawa DITOLAK. Duanana gé hadé tur boga mangpaat pikeun urang. Lamun ditarima mah teu kudu dibahas, apanan éta harepanna gé. Tapi naha cenah mun ditolak bet hadé tur aya mangpaat? belah mana hadéna? aya sawatara alesan nya éta:

 

Kahiji, ku ngedalkeun éta rasa urang geus ngéléhkeun rasa kasieun jeung wani nyanghareupan resiko. Sikep kitu dipikabutuh pisan dina prosés hirup nuju kana kadéwasaan. Hartina ieu bisa ngalatih kadéwasaan urang.

 

Kadua, pangalaman ditolak baris nimbulen rasa negative saperti nalangsa, handeueul, éra, jeung ambek. Hal-hal éta téh normal jeung wajar, urang gé kudu wanoh tur ngalamanana sarta diajar pikeun nyanghareupanana. Rasa-rasa saperti kitu pasti bakal aya dina hirup, inget hirup moal salawasna bungah tur bagja.

 

Katilu, bisa nyadarkeun urang yén teu sakabéh kahayang bisa laksana. Bisa jadi mun kahayang ieu laksana, éta téh henteu pihadéeun pikeun urang. Da nu apal nu hade pikeun urang mah anging gusti Alloh. Inget kana hiji ungkapan dina basa Indonésia, segalanya indah pada waktuya. Can waktuna meureun ayeuna amh.

Ulah salempang, ulah hariwang, lalampahan panjang kénéh, kasempetan loba kénéh, ulah kapok ku alatan ditolak.

Naha salah kitu mun kuring cinta ka anjeun? henteu atuh, malahan mah urang kudu syukuran ka gusti nu maha suci. Urang kaasup jalma normal sabab boga rasa nyaah tur cinta. Mémang bener aya sawatara jalma nu mungkir tina éta rasa, tapi teu kudu diturutan. Nyaah, asih, deudeuh, cinta mangrupa anugrah nu kacida gedéna ti gusti Alloh pikeun urang. Rasa cinta kudu ngabalukarkeun urang tambah déwasa sarta kudu ditepikeun ku cara-cara nu bener. Ulah ku sabab cinta nepi ka ngunakeun cara-cara nu kurang hade saperti ngahasud batur tur ngagunakeun dukun (pelet/asihan). Ah teu kudu kitu, lain kitu carana. Mun kitu hartina urang teu percaya ka diri urang sorangan.

Ku alatan wani ngedalkeun rasa cinta, sakurang-kurangna urang baris leupas tina rasa kasiksa alatan ngeukeuweuk tur nyumputkeun éta rasa dina hate. Haté baris ngemplong, moal aya beban, moal aya hahalang. Mun ditolak, urang bisa néangan deui nu lian nu leuwih hadé sagalana ti batan manéhna. Ceuk gusti Alloh téh meureun kieu: “mun manéh jadi ka manéhna moal pihadéeun pikahareupeunana.” Sing yakin, gusti Alloh boga skenario jeung rancangan nu leuwih hadé pikeun urang.

Ka sadérék nu ayeuna keur kaeunteupan rasa cinta, leuwih hade kedalkeun ayeuna kénéh bisi kaburu ku batur, bisi kaduhung alatan teu kungsi kedal. Maju terus para pajoang cinta, ulah mundur najan saléngkah…!

* Tulisan di luhur mangrupa pancen kuliah kuring pikeun mata kuliah kajian nulis. ditulisna taun 2006, sumberna tina buku ngan hanjakal judul bukuna teu kacatet.

11 April 2012 - Posted by | Alakadarna

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: