Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

CARITA WAYANG

Déwi Setiawati, putra raja ti Wirata. Mangsa yuswana manjing rumaja, anjeunna kapaksa ngantunkeun nagara, pédah isin ngagaduhan salira bénten ti nu sanés, bau salirana. Nya anjeunna tatapa nu lami kacida. Nuju tatapa anjeunna kasumpingan ku hiji bagawan nu tiasa ngalandongan dirina, ahirna Setiawati damang. Minangka pamulang tarima, anjeunna anjeunna kersa nikah sareng Resi Parasara, nu rupana goréng kacida. Sataun ti harita, lahir Abiasa nu gaduh panyawat bau salira ti ibuna, goréng rupa ti ramana. Matak jabng bayi téh dicandak ku ramana sina ngabagawan janten resi, sarta mirak heula istrina, Setiawati.

Saparantos rarandaan, Setiawati ditikah ku Prabu Santanu. Gaduh putra dua pameget, nya éta Citranggada sareng Citraséna, mung duanan gé teu panjang yuswa. Tapi Citrséna mah kantos nikah ka Ambika sareng Ambalika, nu ahirna Ambika sareng Ambalika ditikah ku Abiasa.

Ti  Ambika, Abiasa kagungan putra pameget nu lolong ti barang lahir, jenenganana Destarata. Ti Ambalika gé gaduheun putra pameget nu jenenganana Pandu Déwanata.

Hasil babadantenan nu payus janten raja di Astina téh, pandu Déwanata. Setiawati nétélakeun yén calon raja téh kedah énggal-énggal gaduh bojo.

Kaleresan di negeri Madura aya tilu kembang sosoca nu disayémbarakeun. Ku kasaktia Bisma, éta tilu kembang sosoca téh tiasa diboyong ka Astina, nya éta Déwi Kunti, Déwi Madrim, sareng Déwi Gandari.

Bisma nyaurkeun yén tina salhsawios nu tilu téh, hiji bakal janten bojona Déstarata. Kunti sareng madrim ku Bisma teu kénging dangdos sataker kebek, malah kedah dibalur ku babauan sapertos tarasi. Ari déwi Gandari mah kedah sarareungit, sareng dangdos anu saé. Ku ayana kitu Déwi Gandawi ngaraos diwilah-wilah ku kanyaah Bisma.

Ahirna Gandari nu kapilih ku Déstarata, Kunti sareng Madrim ditikahkeun ka Pandu Déwanata. Rasa nyeri haté nu kacida, Gandari ngedalkeun pacaduan yén moal ningal alam dunya saméméh mulangkeun kanyeri, sakantenan nandakeun kasatianana ka carogé, anjeunna mengker socana kalayan mundut ka déwa supados dipasihan putra saratus. Pamundut Gandari ku déwa ditedunan.

Kacarioskeun Pandu palastra, numutkeun adat karaton KUnti sareng Madrim kedah labuh geni, tapi nu diputuskeun labuh geni téh Madrim. Kunti mah kedah ngurus putra Pandu nu lima, tilu ti Kunti nya éta Yudistira, Bima, sareng Arjuna, dua ti Madrim, nya éta Nakula sareng Sadéwa dulur sakembaran.

Kakawasaan samentawis dicepeng ku Déstarata. Anjeunna diosol-osol ku garwana ulah masrahkeun kakawasaan ka turunan Pandu. Numawi waktos Déwi Kunti sareng putrana nu lima diusir ti karaton, teu tiasa kukumaha nurut kana kahoyong bojona.

Hal ieu kabireungeuh ku Bisma, kukituna anjeunna tékad ucap bade nurunkeun kasakténna ka katurunan Pandu nu lima, dinamian Pandawa. Ari Déwi Gandari hirup suka bungah di karaton sareng saratus putrana nu namina Kurawa.

11 April 2012 - Posted by | Basa Sunda |

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: