Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

BAB I SKRIPSI KURING

BAB I

BUBUKA

1.1. Kasangtukang Masalah

Manusa mangrupa mahluk sosial nu teu bisa hirup nyorangan. Salaku mahluk sosial, manusa salawasna hirup babarengan jeung papadana. Ku alatan éta hal, komunikasi jadi hal anu kacida pentingna. Nyarita mangrupa cara nu digunakeun ku manusa pikeun ngalancarkeun ieu komunikasi.

Rahman, dina Raksarasa (2004;146) nyebutkeun yén nyarita téh nya éta kagiatan nepikeun maksud (ideu, pikiran, eusi haté) ti hiji jalma ka jalma séjén nu ngagunakeun basa lisan malar éta maksud téh kahartieun ku nu ngaregepkeun.

Nyarita kaasup kana kaparigelan basa nu sipatna produktif. Nyarita mangrupa sarana nu digunakeun pikeun nepikeun maksud atawa informasi ti hiji pihak ka pihak séjén, ku lantaran kitu nyarita kudu ditepikeun kalawan bener tur hadé sangkan maksud caritaan bisa katarima ku pangregep kalawan bener. Pikeun nyumponan éta hal, élmu pragmatic dipikabutuh pisan. Pragmatik medar bag-bagan makéna basa pikeun kaperluan nu tangtu dina hiji situasi.

Dina pangajaran basa Sunda di sakola, nyarita kaasup salasahiji aspék nu diajarkeun. Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan, pangajaran nyarita miboga tujuan sangkan siswa mahér nyarita dina rupa-rupa situasi. Ieu hal bisa katitén tina standar isi kamampuh nyarita, nya éta:

“Mampu berbicara secara efektif dan efisien untuk mengungkapkan pesan (pikiran,perasaan,keinginan) dalam berbagai bentuk dan jenis kesempatan berbicara dalam berbagai bentuk wacana lisan.”

Kuswari dina Raksarasa ( 2004;166) nétélakeun yén pangajaran basa Sunda kudu ngagunakeun pamarekan komunikatif. Pamarekan komunikatif  nganggap yén basa teu bisa diwatesanan sacara linguistik, tapi sacara sosiolinguistik. Ku kituna, supaya pangajaran basa leuwih éféktif, nu diajarkeun téh lain téori-téori basa, tapi cara atawa latihan ngagunakeun basa anu luyu jeung pungsi-pungsi basa sacara sosiolinguistik.

Kamampuh nyarita tiap jalma tangtu béda-béda. Siswa salaku nu diajar basa Sunda, dina ieu hal nyarita, miboga kamampuh nyarita nu béda-béda ogé. Pikeun mikanyaho kamampuh nyarita siswa, bisa digunakeun sababaraha cara, salasahijina ngaliwatan sawala di kelas.

Dina Kurikulum Tingkat Satuan Pendidikan (KTSP) basa Sunda, sawala kelompok jadi salahiji kompetensi dasar tina kamampuh nyarita. Tujuan tina sawala nya éta sangkan siswa ancrub langsung kana pangajaran sarta diajar ngedalkeun sakur pamadegan, dina ieu hal patalina jeung salasahiji aspék kaparigelan makéna basa, nya éta nyarita.

Dina sawala kelompok tangtu mikabutuh masalah. Winarno (1986;43) nétélakeun yén masalah nu dipedar dina diskusi kudu miboga alternatif alternatif  jawaban, henteu mutlak. Dina sawala kelas, guru miboga peran nu penting pisan. Nurutkeun Piaget, guru kudu ngawasa téknik-téknik probling jeung counter-sugestion nya éta bisa nyindekkeun sarta méré stimulus ka siswa.

Muhamad Surya (2003;59) nétélakeun yén sawala kelas kaasup kana modél Concurrent Learning (pangajaran sacara babarengan) sabab aya partisipasi ti siswa, dilakukeun dina forum terbuka, sarta suasana démokratis.

Malvin L. Silberman (2006;140) nétélakeun yén aya sababaraha stratégi nu bisa digunakeun ku guru pikeun ngaéféktifkeun diskusi di kelas nya éta debat aktif, diskusi panel, argument tandingan, maca kalawan bedas, nambahan anggota diskusi panel, sarta pengadilan ku hakim. Eta stratégi bisa digunakeun pikeun ngarangsang sikep kritis siswa kana masalah nu disodorkeun, béh dituna pikeun ngaronjatkeun kamampuh nyarita siswa.

Debat mangrupa variasi tina metode sawala. Debat bisa dilakukeun pikeun nambahan variasi dina pangajaran nyarita. Wiyanto (2003;4) nétélakeun yén debat téh nya éta kagiatan sawala antara dua urang atawa leuwih nu masing-masing silih pangaruhan sangkan narima pamadegan atawa usulna.

Tujuan utama debat dilakukeun di kelas nya éta pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina ngedalkeun sakur pamadeganna, leuwih jauhna kamampuh nyaritana. Dina debat, kamampuh mikir sacara logis, kritis, bener-bener kaasah. Peserta, nu dina ieu hal mah siswa dipaksa pikeun nyarita, ngajawab sakur argumén ti lawan.

Dina pangajaran nyarita, siswa can bisa nyarita ngagunakeun basa Sunda kalawan bener tur hadé. Tapi éta téh masih mangrupa sawangan atawa hipotesis wungkul. Nepi ka danget ayeuna can aya panalungtikan nu medar ngeunaan kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda. Ku alatan éta hal, ieu panalungtikan baris ngadéskripsikeun kamampuh nyarita siswa ku basa Sunda dina sawala debat. Siswa nu jadi subjek penelitianna nya éta siswa kelas X 7 SMANegeri I Singaparna Tasikmalaya.

1.2. Watesan Masalah

Dina ieu panalungtikan diwatesanan ku kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda dina sawala debat, nu dilaksanakeun di kelas X 7 SMA Negeri I Singaparna Tasikmalaya. Baris dipedar ogé kasalahan-kasalahan siswa dina ngagunakeun basana.

1.3. Rumusan Masalah

Anu jadi masalah dina ieu panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:

a)         Kumaha kamampuh siswa ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat?

b           Naon waé kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana?

1.4. Tujuan Panalungtikan

Tujuan nu rek dihontal dina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun:

a)     kamampuh ngagunakeun basa Sunda siswa dina sawala debat.

b)    kasalahan siswa dina ngagunakeun basa Sundana.

 

1.5.  Mangpaat Panalungtikan

  • Sacara téoritis ieu Panalungtikan dipiharep miboga mangpaat pikeun nambahan téori pangajaran basa, hususna metode pangajaran nyarita dina sawala.
  • sedengkeun mangpaat praktisna nya éta pikeun mikanyaho kamampuh nyarita basa Sunda siswa.

1.6. Anggapan Dasar

Nu jadi anggapan dasar dina ieu Panalungtikan nya eta:

a)         kamampuh nyarita basa Sunda siswa kurang pisan.

b)        kamampuh nyarita basa Sunda siswa loba kapangaruhan ku basa deungeun.

c)         Pangajaran basa Sunda baris leuwih éféktif nalika siswa diajar ngagunakeun basa ku cara latihan makéna basa.

.

31 Mei 2011 - Posted by | Alakadarna |

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: