Adejuve

Cilondok Pasirsalam Mangunreja Tasikmalaya

sempalan carpon

n……………………………………………. “ kumaha nya euy?” “ ari urang mah teu bisa nangtukeun,kudu milih nu mana. ngan ari ceuk urang mah bisa waé gogoda éta téh” Iwan ngajawab. “ urang gé sabenerna mah sok rajeun mikir ka lebah dinya, sarta ngusahakeun pikeun mopohokeun manéhna. Tapi éta téh da ngan sakeudeung, inget deui inget deui ka dituna mah. Ti mimiti nempo gé da karasa geus aya nu béda. beungeutna mah teu sabaraha geulis, loba nu leuwih geulis, tapi duka kumaha da asa resep nempokeunana téh, teu matak bosen. sipatna ogé matak pikaresepuen pisan ceuk urang mah. Urang mah nu teu bisa poho téh kana sorana, dédéngeueun pisan. Ieu mah duka urang nu géér duka kumaha ngan urang mah ngarasa manéhna gé aya rasa. Manéhna gé ngarasa sok diperhatikeun ku urang.“ “ ari sikep manéh kumaha ka manéhna?” Iwan malah nanya “ puguh nyéta urang téh sok api-api teu nempo mun rajeun teu kahaja panggih gé. Sok sieun apaleun urang merhatikeun waé. Sieun apaleun urang resepeun.” “ naha bet sieun?da ari rasa resep, nyaah, cinta mah hak sakabéh jalma” ceuk Iwan Saré téh rada peuting harita mah, jam 12 kakara saré. Kapikiran waé tuda. Beuki lila téh asa beuki kapikiran. Sakapeung sok dibanding-banding jeung Santi, asa loba unggulna manéhna mah. Sok kaduhung sakapeung mah naha baheula bet rurusuhan jangji rék serius jeung Santi. Da atuh baheula téh keur bener-bener butuh ku nu ngadukung, butuh batur ngobrol, curhat. Keur riuet pisan nyusun skripsi baheula téh. …………………..

10 Maret 2011 - Posted by | Basa Sunda |

Belum ada komentar.

Tinggalkan Balasan

Isikan data di bawah atau klik salah satu ikon untuk log in:

Logo WordPress.com

You are commenting using your WordPress.com account. Logout / Ubah )

Gambar Twitter

You are commenting using your Twitter account. Logout / Ubah )

Foto Facebook

You are commenting using your Facebook account. Logout / Ubah )

Foto Google+

You are commenting using your Google+ account. Logout / Ubah )

Connecting to %s

%d blogger menyukai ini: