KUMPULAN BABASAN PARIBASA
Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur loba nu teu resepeun.
Adam lali tapel poho ka baraya jeung poho ka lemah cai.
Adat kakurung ku iga adat nu hese digantina.
Adean ku kuda beureum beunghar ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
Adigung adiguna gede hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung omonganana.
Agul ku payung butut ngagulkeun luluhur sorangan.
Akal koja pinter dina kagorengan atawa kajahatan.
Aki aki tujuh mulud lalaki nu geus kolot pisan.
Aku aku angga ngaku barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibanda
ngaku baraya batur anu beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
Aku panggung darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna jste.
Alak-alak cumampaka resep jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna.
Anu handap hayang nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
Alak paul tempat anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper diri
napsu kapegung.
Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu reureuh sakeudeung.
Anak puputon anak nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun (Mikahayang nu moal bakal kasorang).
Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener bener.
Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
Asa dijual payu ngungun dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
Asa ditonjok congcot meunang kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
Asa ditumbu umur Boga rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi henteu, siga nyaah tapi henteu.
Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
Aya astana sajeungkal anu mustahil oge oge bisa kajadian.
Aya bagja teu daulat arek meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
Aya di sihung maung Kulantaran loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang naker meunang pitulungna.
Aya hate kadua leutik naksir.
Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka maksud urang gancang kalaksanakeun.
Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya pilantaraneun.
Aya peurah aya komara aya harega, aya pangaji.
Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna jeung panghasilanana.
Baleg tampele ari rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede keneh kaera.
Bali geusan ngajadi tempat dilahirkeun. Baca selebihnya »
NILAI UTS
Evaluasi mutlak diperlukeun dina proses pangajaran, gunana pikeun ngukur kamampuh (kompetensi) nu geus dipibanda ku siswa. Ujian tengah semester mangrupa salasahiji wangun evaluasi nu geus lumrah dilaksnakeun di intansi pendidikan (sakola/kampus).
di handap aya nilai UTS semester ganjil 2011/2012 siswa kelas XI SMA
Format Nilai Tengah Semester
Semester Ganjil 2011/2012 geus nincak kana tengah semester. minggu kamari geus dilaksanakeun UTS. UTS mangrupa salsahiji wangun evaluasi hasil diajar siswa nu perlu dilaksanakeun. tujuanna tangtu pikeun ngukur kamampuh(kompetensi) siswasalila satengah semester.
ieu di handap nilai UTS
KECAP SEREPAN
KECAP SEREPAN
(Sumber: http://astriecollections.blogspot.com/2010/10/kecap-serepan.html
Di handap aya tulisan ngeunaan kecap serepan dina basa Sunda. tulisanna ti blog babaturan nya eta http://astriecollections.blogspot.com.
I. Kecap Serepan
a. Kecap Serepan tina Basa Indonesia
Umumna urang Sunda téh nggunakeun dua basa (dwibahasawan) dina hirup kumbuh sapopoéna, nyaéta basa Sunda jeung basa Indonesia. Munasabah upama loba kecap-kecap basa Idonesia anu asup kana basa Sunda. Kecap-kecap anu diserep sagemblengna, biasana mangrupa istilah anu euweuh sasaruanana dina basa Sunda.
Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Indonesia, diantarana: arus, obat bius, jabatan, jatah, mandiri, rumah sakit, ganjil, perkebunan, perairan, tabungan, persatuan, canggih, pertandingan, penjaga sakola, penyair, percitakan, taun baru, cabang, banjir, liburan, manis, rumah makan, mérah jambu, serah terima, perikanan, nada, ruang tunggu, limbah, perumahan, pembantu, siaran (radio), nyuci (poto), penerbit, jst.
b. Kecap Serepan tina Basa Daérah Séjén
Tatar Sunda kungsi diéréh ku Karajaan Mataram (Islam) kira-kira abad ka-17. Munasabah upama pangaruh basa Jawa téh asup kana basa Sunda. Kecap-kecap basa Sunda nu mangrupa serepan tina basa Jawa, diantarana: kocak, luruh, natus, pamong, pungkas, sima, céték, gabah, pirimis, kangen, lemah, mangkat, pancén, saking, jst.
Baca selebihnya »
KAKAWIHAN
KAKAWIHAN
Kakawihan asal kecapna tina kawih, hartina lagu. Ieusastra téh kaasup sastra buhun, gelarna dina sastra Sunda mangrupa sastra sampakan. Tapi najan kitu, kakawihan téh lain bogana urang Sunda waé, unggal sélér bangsa ogé ngabogaan kabinangkitan kakawihan séwang-séwangan.
Kakawihan téh kaasup sastra lisan. Ngeunaan sumebarna tatalépa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Kusabab kitu, kakawihan mindeng disebut sastra balaréa, ku sabab geus milik sakumna masarakat.
Kakawihan mangrupa bagian tina folklore, ku kituna sabagian tina ciri-ciri folklore dipimilik oge ku kakawihan, di antarana: Baca selebihnya »
CARITA PONDOK
CARITA PONDOK
Carita pondok mangrupa carita rékaan dina wangun prosa (lancaran) anu wangunna pondok .
Dina kasusastraan Sunda, carita pondok kawilang anyar, kaasup sastra sampeuran. Carita pondok Sunda mimiti aya dina majalah Priangan taun 1929, sedengkeun buku kumpulan carita pondok nu munggaran nya éta Dogdog Pangréwong meunang GS medal taun 1930. proses asupna carpon kana kasusastraan sunda estuning lungsur-langsar, henteu kungsi ditolak. kemakaran carpon leuwih subur sabada kamerdekaan. media nu diguankeunna nya eta majalah.
Cirri carita pondok: Baca selebihnya »
DONGENG SUNDA
DONGENG
Dongéng kaasup kana wangun prosa heubeul. Sumebarna sacara lisan di balaréa tatlépa ti hiji jalma ka jalma nu lian. Dina dongéng loba pisan unsur pamohalan, saperti sato bisa nyarita jeung mikir. Dongéng ogé tara kanyahoan saha nu ngarngna (anonim). Lamun kitu ciri khas dongéng aya tilu nya éta sumebar sacra lisan, loba unsur pamohalan, jeung anonim.
Dongéng bisa dipasing-pasing deui jadi: Baca selebihnya »
TATAKRAMA BASA
Tatakrama Basa Sunda
Undak usuk basa atawa tatakrama basa dina basa Sunda kakara aya sabada nincak abad ka 17, nya éta sabada budaya mataram katut basa Jawana asup kana budaya Sunda. Ieu hal bisa kabuktian dina prasasti jeung naskah buhun nu ditulis saméméh abad 17 (upamana Batutulis, Kawali, Carita Parahyangan, Amanat Galunggung, jsb) henteu ngagunakeun Undak Usuk Basa.
Mun dijeiun pola saperti kieu: Baca selebihnya »
SISINDIRAN
SISINDIRAN
sumber: wikipedia
Sisindiran téh asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol. Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun. Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana. Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi). Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana, sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta: (1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan. Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta Baca selebihnya »
Warna Kecap
warna kecap dina basa sunda:
wanda kecap pancen
Kecap panambah nya éta kecap pancén anu umumna jadi panambah kana unsur puseur dina wangunan frasa taributif, jaba ti éta ogé aya nu jadi katerangan dinaklausa.
ü Panganteb, pikeun ngantebkeun babagian kalimah anu dipentingkeun
ü Panganteur, pkeun nganteurkeun kecap pagawéan, sakapeung ngnteurkeun kecap sipat.
ü Panahap, pikeun nuduhkeun tahapan kayaan atawa sipat hiji barang, umumna dibarengan kecap sipat.
ü Panangtu, pikeun nuduhkeun sesebutan, nangtukeun, milang, jeung ngawatesanan kecap barang
ü Aspék, pikeun nuduhkeun lumangsungna kajadian boh geus réngsé boh can réngsé
Modalitas, pkeun nuduhkeun sikep panyatur kana situasi nu karandapan
Kecap panyambung nya éta kecap pancén nu gunana pikeun nyambngkeun babagian kalimah
ü Satata, pikeun nyambungkeun babagian kalimah anu satata
ü Sumélér, pikeun nyambungkeun anu teu satata, antara indung kaimah jeung sélér kalimah
ü Papasangan, pkeun nyambungkeun babgian kalimah satata, biasana sok papsangan cicingna di awal jeung di tengah klausa
ü Anteuran, pikeun nyambungkeun babagian kalmah dina alinéa atawa paragraf.
Kecap pangantet nya eta kecap pancen nu gunana pikeun ngantetkeun caritaan kana katerangan, ilaharna cicing hareupeun kecap barang. Contona: di, dina, ka, ti, jiga, ku, iwal, nepi ka, keur, jaba, ka.
Kecap panyeluk nya eta kecap pancen pikeun ngebehkeun ngungkapkeun rasa panyatur. Contona: wah, ih, euleuh, nuhun, aduh, hag siah..
Pedaran warna kecap (power point) tiasa di download di handap
-
Arsip
- April 2013 (1)
- Maret 2013 (1)
- Desember 2012 (2)
- Oktober 2012 (2)
- September 2012 (2)
- Agustus 2012 (1)
- Juni 2012 (3)
- April 2012 (3)
- Februari 2012 (1)
- Januari 2012 (3)
- Desember 2011 (3)
- November 2011 (3)
-
Kategori
-
RSS
RSS Entri
Komentar RSS














